Jumat, 04 November 2016

Kang Ahok Nuhun..

KANG AHOK NUHUN PISAN :
Cukang lantaran anjeun dulur sim kuring nu biasana sok marebutkeun doa Qunut nu sok maseakeun soal Tahlil  jeung paheula2 ngamimitian puasa jeung lebaran Alhamdulillah geningan bisa ngahiji sauyunan.

KANG AHOK..Anjeun mah jalma pinilih nu dipilih ku nu Maha Kawasa pikeun ngageuing ku sakecap Ayat al maidah 51 nu can anggeus di leunyeupan ku kuring sadudulur..Padahal ku para Kyai,Ustadz jeung Alim Ulama mah di geroan,di elingan pake TOA mangrebu2 kali oge angger we noyod heuras beuheung jiga BAGONG.

KANG AHOK cing pang kecapkeun atuh ayat al maidah 52 sareng 53 na sakantenan meh kaum munafik nu ngudag2 korsi teu nyumput buni dinu caang..kaum munafik nu ngaku2 ngagem Agama ISLAM NU AING (ISLAM NU NGAN HIJI-HIJINA)..islam nu teu kasengker ku aliran da ISLAM NU AING mah lain WALUNGAN..islam nu teu clu clo misah gugundukan da ISLAM NU AING mah lain TAI HAYAM.

KANG AHOK anjeun heuras kacida tapi leuwih heuras Sahabat Syekh Abu Bakar RA..tapi Mungguh Allah Maha Uninga alesan anjeun digubragkeun lahir di Indonesia..da sa acan anjeun muncereng jeung molotot mah gening Kalijodo teh gening kalah jadi ladang usaha Jualan Surabi Haneut Mangga Cobian..

KANG AHOK NUHUN mugi Taufik sareng Hidayah saenggalna di lungsurkeun ku Allah ku kunyemna syahadat tina biwir anjeun da ISLAM NU AING mah butuh sabagian heurasna Abu Bakar nu ngancik sanajan saeutik aya di Anjeun..nu heurasna kana aturan.. panjang teu wani neukteuk pondok teu wani nyambung
NUHUN KANG AHOK..!!!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar